Minggu, 08 Mei 2011

CONTO JANTEN PANATA ACARA SERAH TERIMA AKAD NIKAH PANGANTEN

Acara : Serah Terima sareng Akad Nikah Panganten
Ku : Alimudin, S.Pd.I

Runtuyan acara:
1.Bubuka
2.Ngaosken ayat suci Al-Qur’an
3.Sholawat Nabi
4.Sambutan/Seserahan ti Pihak Calon Panganten pamaget
5. Panampian ti Pihak Calon Panganten Istri
5. Akad Nikah
6. Sungkeman
7. Panutup/do’a
8. Saweran






Konsep Omongan :
Assalamuallaikum. Wr. Wb.
Bismillaah Alhamdulillah, washolatu wassalaamu ala rasulillah, muhammadin wa’ala aalihi washahbihi waman walah, Qola rasulullaahu Shalla laahu ‘alaihi wasalam, annikahu sunnatii faman raghiba ‘an sunnatii falaesa minni. Amma ba’du :
Para wargi sadayana sumangga urang sasarengan buka ieu acara walimatul ‘ursy, ku sami ngucapkeun “Bismillaahirrahmaanirrahiim”. Para wargi Bapa/Ibu hadirin sadayana, terutami para tamu ti pihak calon panganten pameget, sateuacanna sim kuring salaku panata acara ngahaturkeun wilujeng sumping saraeng hatur nuhun kana kasumpingannana Keluarga Besar calon panganten pameget, para tamu undangan sareng hadirin sadayana. Mudah-mudahan ieu acara tiasa beres roes sarta ditangtayungan ku Allah SWT kalayan tiasa berjalan ti awal dugi ka akhir. Aamiin ya Rabbal ‘aalamiin.
Saterasna, sim kuring ngaturanan ka saderek Jajat Jatnika, kanggo ngaoskeun ayat suci Al-qur’an.:
(sabada rengse nu ngaos, pok dei panata acara nyarita),
Nincak acara anu ka 3, nyaeta sholawat nabi anu bade di pimpin ku Neng Euis Wilvi.
(rengse sholawat nabi, pok dei panata acara nyarita).
Hatur nuhun ka Ustadz Jajat Jatnika sareng Neng Euis Wilvi, mudah mudahan galindengna ayat suci Alqur’an sing janten cukang lantaran ngocorna rahmat sareng barokah Allah SWT, Sholawat anu nembe dikapayunkeun oge tiasa nambih-nambih kacintaan urang ka Rasulullah sareng mudah-mudahan urang tiasa ngamalkeun sunnahna. Aamiin ya Rabbal ‘aalamiin.
Salajengna, nincak acara nu ka 4, nyaeta sambutan ti pihak Calon Panganten Pameget anu bade dikapayunkeun ku Kersana Sepuh Pihak Calon Panganten Pamaget, Ka Pengersa Bapa Kiayi Haji Enen sumangga dihaturan.
(rengse Sambutan Bapa Kiayi Haji Enen / Pihak Calon Panganten Pameget, pok deui panata acara nyarita).
Eces tus bentes, kalayan pertela rehna maksad kadongkapan ieu rombongan the seja silaturrahmi, sareng nyanggakeun Jang Galih salaku Calon panganten Pameget kanggo ditikahkeun sareng Neng Anti Putrana Ibu Tuti sareng Bapa Kayat (almarhum).
(rengse ngado’a, pok deui panata acara nyarita).
Salajengna mangga dihaturan Sepuh Pihak Calon Panganten Istri, Ka Pangersa Bapa Haji Ajat Sudrajat mangga waktos sareng tempat mangga nyanggakeun.
(rengse biantara panampian Pihak panganten istri, pok dei panata acara nyarita),
Alhamdulullah Bapa Ibu sadayana nembe ku sadayana parantos kadangu, rehna Panganten sareng rombongan sakalih ditampi kalayan suka cita. Mangga cacandakanna dikalebetkeun wae kalayan ditampi sacara simbolis ku Ibu Tuti.
Saterasna nincak kana acara anu utama nyaeta akad nikah anu bade di pimpin ku Bapa ti Kantor Urusan Agama. Ka Pangersana Bapa Petugas ti KUA mangga dihaturanan.
(rengse biantara panampian Pihak panganten istri, pok deui panata acara nyarita),
Hadirin, Alhamdulillah nembe parantos resmi Calon Pihak Panganten Pameget macakeun akad nikah kalayan lancar. Alhamdulillah ayeuna dua mempelai parantos resmi jatukrami janten sapasang suami istri, mudah-mudahan dua urang ti sadayana ngajajapkeun kana sagara rumah tangga anu sakinah mawaddah waraohmah, aamiin ya Rabbal ‘aalamiin.
Saterasana mangga dua mempelai sungkem kapayunan dua Ibu rama hidep, mudah-mudahan kalayan du’a ibu rama hidep hirup hurip aranjeun duaan aya dina barokah sareng ridha Allah SWT.
(Saparantos sungkeman panata acara nyarita)
Alhamdulillah, mudah-mudahan du’a Indung anu mupunjung, du’a Bapa anu diseja nganteurkeun dua insan panganten kana sagara rumah tangga anu pinuh ku kabagjaan.
Ayeuna mangga urang sami-sami ngadu’a kalayan dipimpin ku Pangersa Bapa Kiayi Haji Hasan Basri,
(panata acara nyarios deui)
Alhamdulillah ti awal dugi ka akhir acara parantos beres, salajengna ayeuna acara sawer anu bade di pimpin ku Ibu Acah, Ka Para Hadirin mangga dihaturan aya leueuteun sapulukaneun mangga dihaturanan. Simkuring atas name Panata acara ngahaturkeun rewu nuhun laksa ketik kabingahan, hapunten anu kasuhun tina sadaya kalepatan Urang tutup wae ieu acara ku sami-sami ngucapkeun Alhamdulillah, sakiti anu kapihatur ditutup ku do’a Rabbana aatina fiddunya hasanah wafil akhirati hasanah waqina adzabannar.
Wasssalamu alaikum Wr. Wb.

1 komentar:

Y. ROHAYATI mengatakan...

HATURNUHUN, SAE PISAN. PRIBADOS NGIRING NGADOWN LOAD, MUGI JANTEN AMAL SAE. AMIIN